Digitalisasi Pustaka Sunda

PITUDUH

EJAAN

Perkara ejaan, ejaan heubeul langkung sae dirobih ka ejaan ayeuna. Margi maksad ieu dokumen teh pangpangna kanggo bacaan barudak ayeuna. Upama nganggo ejaan heubeul hayoh tambah pabaliut. Contona wae, dugi ka wangkid ayeuna masalah 'e' sareng 'eu' geuning masih keneh seueur nu pahili.

Kecuali aksara heubeul anu nyangkut masalah nami, boh jalmi, tempat, lembaga, atanapi naon wae langkung sae serat seprti aslina.

Tabel Transkripsi Aksara

ejaan       ejaan
heubeul     anyar
------------------
dj            j
tj            c
j             y
oe            u

FORMAT

Dokumen hasil salinan, saena mah nganggo format Microsoft Word, supaya gampil ngarobihna ka format sanesna. Salian ti eta, pilihan aksara anggo wae format standar (default). Janten teu kedah diformat sapertos bentuk siap citak. Margi engkena baris digabungkeun sareng nu sanesna.

FILE

Ngaran file hasil transkripsi, saluyukeun sareng aslina. Misalna, file asal "roesdimisnem1.pdf" hasilnya janten "roesdimisnem1.doc".

Copyright � 2004 studio579.
Hosted by www.Geocities.ws

1