"Lalampahan rewuan mil cukup dimimitian ku salengkah."
(Papatah Cina)
Bismillah!
Pustaka teh cenah salah sahiji sumber pangaweruh. Pustaka oge mangrupakeun alat pikeun ngamumule budaya hiji bangsa. Ngaliwatan pustaka urang bisa nyawang kumaha kaayaan eta bangsa.
Kulantaran kitu, ieu gawe teh minangkana mah mitembeyan. Pikeun nyadiakeun bahan pustaka anu gampang diakses dimana wae, kusaha wae, sarta iraha wae. Jiga iklan Coca-Cola nya, kapan saja, dimana saja, cenah. Maksudna mah salian ti keur domumentasi naskah Sunda, pangpangna naskah heubeul, oge pikeun nyadiakeun bahan bacaan keur nambah luang ka balarea.
Hasilna diharepkeun bisa dipublikasikeun di internet, supaya bisa dimangfaatkeun ku sing saha wae.
Copyright � 2004 studio579.