2.Cingciripit
Cingciripit
tulang
bajing kacapit
kacapit
ku bulu pare
bulu
pare seuseukeutna
jol
Pa Dalang
mawa
wayang jrek-jrek nong.....
3.Lalandakan
Landak
landak sonari
kop
cau kop tiwu
hakaneun
sia janari
bekel
miang ka batawi
kop
jurig jarian
kop
jurig tangkod
kop
jurig pacilingan
kop
jurig onom......
4.Oray-orayan
Oray
orayan
luar
leor mapay sawah
tong
ka sawah
parena
keur sedeng beukah
Oray-orayan
laur
leor mapay leuwi
tang
ka leuwi
di leuwi
loba nu mandi
Oray-orayan
oray
naon, orya bungka, bungka naon, bungka laut
laut
naon, laut dipa, dipa naon,...dipandeuriiiii...
Kakawihan Barudak
1. Ayang-ayanggung
Ayang-ayanggung
gung
goongna rame
menak
ki Wastanu
nu jadi
wadana
naha
maneh kitu
tukang
olo-olo
loba
anu giruk
ruket
jeung kompeni
niat
jadi pangkat
katon
kagorengan
ngantos
kanjeng dalem
lempa
lempi lempong
ngadu
pipi jeung nu ompong
jalan
ka batawi ngemplong
2.Margaluyu
Bang-bang
kalima lima gobang, bang
bangkong
di tengah sawah, wah
wahai
tukang bajigur, gur
guru
sakola desa, sa
saban
poe ngajar, jar
jarum
paranti ngaput, put
putri
nu gareulis, lis
lisung
kadua halu, lu
luhur
kapal udara, ra
ragrag
di Jakarta, ta
taun
opat hiji, ji
haji
rek ka mekah, kah
kahar
tujuh rebu, bu
buah
meunang ngala, la
lauk
meunang nyobek, bek
beker
meunang muter, ter
terus
ke Citapen, pen
pena
gagang kalam, lam
lampu
eujeung damar, mar
mari
kueh hoho, ho
hotel
pamandangan, ngan
ngantos
kangjeng dalem, lem
lempa
lempi lempong
ngadu
pipi jeung nu ompong
3.Ole-ole
Ogong
Ole-ole
ogong
melak
cabe di tarogong
dihakan
ku mebe ompong
diteang
kari sapotong
au au
aheng
beuleum
cau tutung geheng
embe
embe domba
anak
sapi tutunggulan
ema ema
weya
si sahi
kabuhulan
hayang
geura diinuman
embe
embe domba
anak
sapi tuntunggulan
ema
ema weya
si sahi
pupundukan
ku baturna
ditumbukan
4.Rat-rat
Gurisat
Rat
rat gurisat
nini
engrat paeh tiselap
tiselap
kana kuciat
dibura
ku laja tuhur
laja
tuhur meunang ngunun
meunang
ngunun tujuh taun
kadalapan
diburakeun
nyeh
prot...nyeh prot...nyehhhh prrroootttttt.