Rarakitan
Daek
soteh ka cinangka
ka Cisitu
mah teu purun
Daek
soteh ka manehna
ka nu
itu mah teu purun
Hayang
teuing buah hiris
teu
bisa ngasakanana
Hayang
teuing ka nu geulis
teu
bisa ngakalanana.
Kaso
pondok kaso panjang
kaso
ngaroyom ka jalan
Sono
mondok sono nganjang
sono
patepang di jalan.
Kambang
goyang jeung ermawar
pacampur
jeung kacapiring
Hariwang
rea kakelar
tagiwur
teu genah cicing.
Majar
maneh cengkeh koneng
kulit
peuteuy dina nyiru
Majar
maneh lengkeh koneng
kulit
beuteung mani nambru.
Rarasaan
melak cau
teu
nyaho mun melak jahe
Rarasaan
matak lucu
teu
nyaho mun matak rehe.
Paparikan
Aya
meri dina rakit
boboko
wadah bakatul
Lain
nyeri ku panyakit
kabogoh
direbut batur
Cau naon
cau naon
cau
kulutuk di juru
bau
naon bau naon
bau
hitut nu di juru
Cikur
jangkung jahe koneng
lampuyang
pamura beuteung
Rarasaan
jangkong koneng
puguh
mah bureuteu hideung
Poe Saptu
poe kemis
salasa
heuleut heuleutan
Saha
itu nu muril kumis
leumpangna
eundeuk eundeukan