Kecap gurit asal tina
basa Sangsekerta grath anu hartina nyusun karangan, dina basa Sunda aya
istilah ngagurit atawa ngadangding, ari hartina sarua bae nyaeta nuduhkeun
pagawean ngareka atawa nyusun karangan winangun dangsing. Nurutkeun wincikanana
dangsing atawa pupuh teh aya tujuh welas, nu masing-masing ngabogaan watek
nu beda beda. Istilahna:
- Pada
- Padalisan
- Guru Wilangan (
jumlah engang dina unggal padalisan )
- Guru Lagu (dangdingdungna
sora vokal dina engang panungtung)
1. Asmarandana
Watekna silih asih
silih pikanyaah atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun
ku tujuh padalisan.
Contona:
Eling eling masing eling ( 8 engang - vokal 'i' )
2. Balakbak
Watekna pikaseurieun.
Unggal pada diwangun
ku 3 padalisan.
Contona:
Aya warung
sisi jalan rame pisan - Citameng (15-e)
Awewena
luas luis geulis pisan - ngagoreng (15-e)
Lalakina
lalakina los ka pipir nyoo monyet - nyanggereng (19-e)
3. Dangdanggula
Watekna bungah atawa
agung.
Unggal pada diwangun
ku sapuluh padalisan.
Contona:
Laut
Kidul kabeh katingali ( 10-i )
ngembat
paul kawas dina gambar ( 10-a )
ari
ret ka tebeh kaler ( 8-e )
Batawi
ngarunggunuk ( 7 - u )
lautna
mah teu katingali ( 9 - i )
ukur
lebah lebahna ( 7 - a )
semu
semu biru ( 6 - u )
ari
ret ka tebeh wetan ( 8 - a )
gunung
gede jiga nu ngajakan balik ( 12 - i )
meh
bae kapiuhan ( 7 - a )
4. Jurudemung
Watekna kaduhung atawa
hanjakal.
Unggal pada diwangun
ku lima padalisan
Contona:
Badan
nu katempuhan ( 8 - a )
da bongan
ngalajur nafsu ( 8 - u )
peurihna
kapanggih ( 6 - i )
rek
bongan bongan ka saha ( 8 - a )
ayeuna
bati kaduhung ( 8 - u )
5. Durma
Watekna heuras atawa
siap rek tarung.
Unggal pada diwangun
ku tujuh padalisan.
Contona:
Mundur
mapag balad Pandawa teu tahan ( 12 - a )
barisan
beuki ipis ( 7 - i )
digempur
Kurawa ( 6 - a )
Senapatina
Karna ( 7 - a )
sakti
manggulang mangguling ( 8 - i )
hese
pantarna ( 5 - a )
moal
aya nu nanding ( 7 - i )
6. Gambuh
Watekna bingung, samar
polah atawa tambuh laku.
Unggal Pada diwangun
ku lima padalisan.
Contona:
Ngahuleng
banget bingung ( 7 - u )
henteu
terang ka mana ngajugjug ( 10 - u )
turug
turug harita teh enggeus burit ( 12 - i )
panon
poe geus rek surup ( 8 - u )
keueung
sieun aya meong ( 8 - o )
7. Gurisa
Watekna pangangguran,
lulucon atawa tamba kesel.
Unggal Pada di wangun
ku dalapan padalisan.
Contona:
Hayang
teuing geura beurang ( 8 - a )
geus
beurang rek ka Sumedang ( 8 - a )
nagih
anu boga hutang ( 8 - a )
munmeunang
rek meuli soang ( 8 - a )
tapi
najan henteu meunang ( 8 - a )
teu
rek buru buru mulang ( 8 - a )
rek
tuluy guguru nembang ( 8 - a )
jeung
diajar nabeuh gambang ( 8 - a )
8. Kinanti
Watekna miharep atawa
prihatin.
Unggal Pada diwangun
ku genep padalisan.
Contona:
Kembang
ros ku matak lucu ( 8 - u )
nya
alus rupa nya seungit ( 8 - i )
henteu
aya papadana ( 8 - a )
ratuning
kembang sajati ( 8 - i )
papaes
di patamanan ( 8 - a )
seungit
manis ngadalingding ( 8 - i )
9. Ladrang
Watekna banyol atawa
pikaseurieun.
Unggal Pada diwnagun
ku opat padalisan.
Contona:
Aki Dartam
leumpangna ngagidig ( 10 - i )
gancang
pisan, gancang pisan ( 8 - a )
bari
aya nu dijingjing ( 8 - i )
mawa
kisa eusina ucing anakan ( 12 - a )
10. Lambang
Watekna banyol atawa
pikaseurieun.
Unggal Pada diwangun
iu opat padalisan.
Contona:
Nawu
kubang sisi tegal ( 8 - a )
nyair
bogo meunang kadal ( 8 - a )
atuh
teu payu dijual ( 8 - a )
rek
didahar da teu halal ( 8 - a )
11. Magatru
Watekna lulucon deukeut
deukeut kana prihatin.
Unggal Pada diwangun
ku lima padalisan.
Contona:
Mun sumuhun
ieu teh namina curuk ( 12 - u )
nu alit
namina cingir ( 8 - i )
anu
panjang mah jajangkung ( 8 - u )
gigireunana
jariji ( 8 - i )
anu
pangageungna jempol ( 8 - o )
12. Maskumambang
Watekna prihatin,
sasambat atawa nalangsa.
Unggal Pada diwangun
kiu opat padalisan.
Contona:
Jalma
kedul mumul ditambah jejerih ( 12 - i )
ulah
ngarep senang ( 6 - a )
sabab
mungguhing rejeki ( 8 - i )
tara
datang teu disiar ( 8 - a )
13. Mijil
Watekna sedih, susah
atawa cilaka.
Unggal Pada diwangun
ku genep padalisan
Contona:
Beurang
peuting tambah cape ati ( 10 - i )
jeung
tambah rampohpoy ( 6 - o )
wungkul
inget ka kabogoh wae ( 10 - e )
mugi
aya kadar panggih deui ( 10 - i )
mun
teu panggih deui ( 6 - i )
anggur
pondok umur ( 6 - u )
14. Pangkur
Watekna nafsu, lumampah
atawa sadia rek perang.
Unggal Pada diwangun
ku tujuh padalisan.
Contona:
Seja
nyaba ngalalana ( 8 - a )
ngitung
lembur ngajajah milang kori ( 12 - i )
henteu
puguh nu dijugjug ( 8 - u )
balik
paman sadaya ( 7 - a )
nu ti
mana tiluan semu rarusuh ( 12 - u )
Lurah
Begal ngawalonan ( 8 - a )
" Aing
ngaran Jayapati " ( 8 - i )
15. Pucung
Watekna piwuruk, wawaran,
atawa mepelingan.
Unggal Pada diwangun
ku opat padalisan.
Contona:
Estu
untung nu bisa mupunjung indung ( 12 - u )
jeung
nyenangkeun bapa ( 6 - a )
tanda
yen bagjana gede ( 8 - e )
hirup
mulus kaseundeuhan ku berekah ( 12 - a )
16. Sinom
Watekna gumbira.
Unggal Pada diwangun
ku salapan padalisan.
Contona:
Di wetan
fajar balebat ( 8 - a )
panon
poe arek bijil ( 8 - i )
sinarna
ruhay burahay ( 8 - a )
kingkilaban
beureum kuning ( 8 - i )
campur
wungu saeutik ( 7 - i )
kaselapan
semu biru ( 8 - u )
tanda
Batara Surya ( 7 - a )
bade
lumungsur ka bumi ( 8 - a )
murub
mubyar langit sarwa hurung herang ( 12 - a )
17. Wirangrong
Watekna era atawa
wirang.
Unggal Pada diwangun
ku genep padalisan.
Contona:
Jalma
nu resep ngaluis ( 8 - i )
lumrahna
resep ngaleos ( 8 - o )
ngan
pacuan resep ngusut ( 8 - u )
komo
mun resep ngarujit ( 8 - i )
teu
aya batan basajan ( 8 - a )
sagala
sigar tengahan ( 8 - a )
Rengse diserat 17 rupi guguritan dina basa sunda
mangga nyanggakeun. Bilih aya nu peryogi Rajah bubuka tina pantun Ciung
Wanara, engke kapayun urang seratkeun.
Salam
MSasmita