| Panganteur
Kalintang bingah situs ieu tiasa nepangan baraya Sunda. Mugia saderek sadaya aya dina ginanjar kawilujengan sareng salamina aya dina panangtayungan gusti Alloh nu maha welas asih. Situs ieu diwangun teu aya sanes jalaran hoyong nyayagikeun tempat anu sawaktos-waktos gampil dikotektak deui ngeunaan posting-posting wangkongan dina milis UrangSunda@egroups anu aya patula-patalina sareng budaya sastra Sunda. Maksad langkung tebih utamina ditujukeun kanggo masarakat Sunda di mana bae di sabuder dunya bilihna hoyong uninga atanapi hoyong emut deui kana karya-karya sastra Sunda nu parantos diwulangkeun ku guru-guru urang sadaya boh nuju sakola di SD oge di SMP. Situs ieu henteu aya tujuan komersial, najan dina home-page-na aya iklan. Mugi sing ageung hampura margi ieu situs 'nyayangna' di web server gratis.Sapertos anu parantos disebatkeun di luhur yen eusi situs dicutat tina posting milis [email protected]. Bilihna aya pangarang anu kaabotan karya-karyana dipintonkeun didieu, tangtos karya-karya eta bade saenggalna dilungsurkeun tina ieu situs. Patarosan
atanapi usul tiasa di ajengkeun ka alamat e-mail di handap ieu. Hatur nuhun
kasadayana anu parantos gaduh perhatosan, utamina Kang M Sasmita nu parantos
leukeun nyutat sareng mostingkeun e-mail ngeunaan rupi-rupi kasusastraan
Sunda dina milis. Usul sareng piwuruk diantos pisan kalintang bingah anggo
kamajengan situs urang sadaya. Mangga nyanggakeun, mugi aya mangpaatna,
cag ah...
|